Sunday, March 28, 2010

Kerisauan Mukalam

Melbourne, 9 Maret 2010

Kahatur Wargi Katurunan Mukalam

Linggih di

Kertasari

Upami nyoreang ka alam katukang, waktos Bapa nuju jumeneng keneh. Kacida pisan seueur picontoeuna. Aang yakin pemikiran oge sikep Bapa anu nganteurkeun urang sadaya tina ayunan tug dugi ka alam kadewasaan ayeuna. Diantawisna conto sae Bapa nyaeta sok rajin tutulung, oge rajin nanjeurkeun tali silaturahim. Rupina sae pisan upami suri tauladan Bapa, urang guar kanggo bekel urang sadaya dina ngamusyawarahkeun pasoalan keluarga. Sok sanaos Bapa tos teu aya, tapi, ajaran, pituah, piwurukna mah aya. Nya hayu urang jaga, urang mumule, urang jantenkeun obor kanggo bekel urang sadaya dina nanjeurkeun tali silaturahim sakantuna Bapa.

Nini Erum, rai Nini Desa linggih di Pamalayan. Teu gaduh putra. Bumina palih kuloneun Desa Pamalayan. Gaduh kamonesan tiasa ngaramal. Kumargi tos sepuh hiji waktos teu damang. Teu aya saurang oge wargina anu ti Madura Cilacap, nawiskeun bantosan ka Nini Erum. Bapa uih ti Bandung terang kondisi Nini Erum. Bapa enggal ngahubungi Mantri Anwar teras diajak ka Pamalayan. Bapa oge anu mayaran Pak Mantri Anwar. Tos diobatan, Nini Erum kantos sehat. Basa Nini Erum nuju teu damang Ang Herli, anu sok dipiwarang nganteuran tuangeun kanggo Nini Erum.

Teu lami ti harita, Nini Erum teu damang wales deui dugi ka pupusna. Wargi-wargina nu ti Madura sumping bahkan dugikeun ka bumi Nini Erum enggal-enggal diical. Bapa anu ngarawatan Nini Erum diwartosan ogeu henteu, sok komo kenging bagian mah. Malah aya wargi tebihna Nini Erum, namina Aki Sukarna linggih di Madura ngalinggihan salah sawios bumi Nini Erum. Diusir ku wargi Nini Erum. Bapa diperedih ku Aki Sukarna. Bapa anu ngamodalan meserkeun tanah sareng bumi di Madura kanggo Aki Sukarna. Aki Sukarna tarimaeun pisan. Basa Ai nikah ngahadiran ka Kertasari jaba mani angkaribung ku cacandakan. Bapa seja tutulung supados Aki Sukarna teu janten katalangsara.

Basa bumi Mukalam rusak sekitar tahun 70-an. Bade direhab. Bapa tos ngempel-ngempel kayu. Tajug basa lokasina nuju keneh caket makam pailih kulon oge rusak. Bapa ngahibahkeun sadaya kayu, anu tadina kanggo ngarehab bumi disumbangkeun kanggo ngarehab Tajug. Oge basa Bapa tos pangsiun, Bapa terang bumi Ajengan Aceng Mukodas bade rubuh. Bapa biayai dugikeun ka sae sapertos anu ayeuna. Sadayana dibiayaan ku Bapa.

Bapa siap berkorban demi menjaga silaturahim oge kanyamanan. Kadang perasaan nyalirana mah sok tara dipirosea. Contona supados Mang Bisri betah nyarengan Bapa di Mukalam, Balong anu kenging ngagaleuh ti Bi Neneng dibagi dua. Sabagian diurus ku Mang Bisri, sabagian ku Bapa. Padahal kan eta balong sadayana kagungan Bapa. Tapi supados Mang Bisri betaheun ngahaja dibagi dua.

Waktos bade lebaran. Batur-batur mah meser persiapan kanggo lebaran. Samisal kueh, pasakaneun,daging, lauk, oge nu sanesna. Bapa malah meser batu, barangbang suluh nu ngalangkung payuneun bumi. Ku Aang Herli ditaros: “ Pak, kunaon bet kalahka digaleuh… pan bade lebaran mah kedahna meser acuk enggal kanggo palaputra?” Ibu oge katingali pasemona kirang satuju. Saur Bapa: “ Wios be karunya eta mamang-manang teh, urang mah masih keneh tiasa lebaran … kanggo meser acuk mah Bapa gaduh keneh artos…Mamang mah kanggo kahirupana oge sesah…kedah dibantuan satiasana … komo Bapa aya kamampuana…”. Allohu Akbar…


Eces kacida yen Bapa teh ngamalkeun ajaran Rasul. Kumargi kitu hayu urang conto ku sadayana dina uluk – biuk urang komo sapada wargi kandung mah. Saneskanten pari polah, laku lampah, basa, oge carita… estu kedah nyonto ka Bapa. Nya ku cara eta, urang sadayana yakin bakal ngabahagiakeun mantena di alam baka. Mangga urang guar ajaran mantena. Bilih aya rai-rai anu bade nambihan… haturan… diantos…

Barokalloh… Mugia kaberkahan Gusti Alloh mayungan urang sadaya…



Salam silaturahim ti kaanggangan …



Ang Herli

Melbourne

No comments: